1Jan

Drama Bahasa Sunda Jang 8 Orang

Dalam kategori naskah drama bahasa sunda sebelumnya, juga pernah diposting mengenai naskah drama untuk 8 orang, nah pada kesempatan kali ini juga kembali saya akan memposting seputar drama yang dapat diperankan untuk delapan orang, namun dengan alur atau cerita yang berbeda tentunya.

Naskah Drama Sunda • Arif Mulyadi: Bu RT • Dede Ahmad: Sanip • Deni Sutiawan: Hansip • Dias Herdiansah: Juhro • Edwar Setiadi: Aje’n • Ipan: Ujang • Jajang Saepurohman: Pa RT • Rudi Faisal Ahmad: Pembaca Prolog dan Epilog Garong Jenius Di de’sa bojong ribut ye’n aya garong nu sok nga rarad sakur nu aya dihareupeuna. Hansip be’ak carita miskin pangakalan sangkan bisa ne’wak e’ta garong. Dina hiji peuting, hansip keur ngaronda. Mane’hna ngomong sorangan “ duh kieu nya jadi hansip de’sa terpencil mah sugan ngaronda te’h disuguhan cikopi jeung roti titatadi kalah nguyup angin kulantaran hoyong molor”.

Keur kitu torojol Ujang, jelema jangkung badag nu titahan RT keur jadi kaamanan ronda peuting ayeuna sakalian ngabaturan hansip. Ujang: Assalamualaikumm Sip! Cara memasang permainan dengan berkas bin dan cue di android. Hansip: Waalaikum salam, wah jadi silaing kadieu? Ujang: Eh da amanah Sip. Kuring mah diutus langsung ku pa RT jeung mawa cikopi keur hansip ceunah keur ubar tunduh. Hansip: Cing atuh kadieukeun mana cikopi na??? Ujang: ke’heula, diperjalanan te’h kuring inget ceuk pa RT, lamun tunduh nginum cikopi, tah kaleresan simkuring te’h nuju tunduh nya dileguk we ku simkuring te’h!!

Hansip: Euhh,,, mane’h mah sarua we’ jeung bohong atuh kitu mah. Sabot kitu dating si Juhro, tikukurusak terus nyodorkeun leungeun sasalaman. Juhro: Sip, kumaha jadi ngurilingan kampung te’h? Hansip: Jadi atuh, kan keur kasalametan warga urang ke’ne’h supaya aman,tentrem,nistamaja utama, sejahtera,Jsb. Juhro: tapi abdi mah bingung lamung papangih jeung garong, kudu kumaha newakna? Ujang: Keun serahkeun tugas e’ta mah ka Ujang, urang kerekeb!!!

Di lain tempat 2 garong keur maling di salasahiji imah geus sukses abus. Abong garongna sagala dirarad, ka katel – katel wae’ di badog jeung peralatan se’je’nna. Caritana keur di dapur. Sanip: Buru lalaunan – lalaunan!!! Aje’n: Buru bantuan! Lain lalaunan – lalaunan!

Sanip: Sip atuhh,, urang te’re’han asupkeun kana karungna Aje’n: Bawa tuh kate’l jeung sosodok! Sanip: Keur naon mane’h?

Ngagarong mah sakur anu berharga wungkul!!! Aje’n: Ari mane’h kan tadi te’h ngagarong hayam, lamun de’k di telih kan kudu di gore’ng heula. Sanip: Heugg atuh!!! Eh, ari hayamna mana?

Aje’n: Geus aman diasupkeun kana kandangna, pokona mah sip lah! Sanip: ah ari kitumah anger we kudu ne’wak deui, belet siah! Dijalan nu 3an keur tugas ronda Ujang: cik urang senteran, aya teu nya di belah ditu? Juhro: Sok urang marisah we’h ayeuna mah!Urang ka kulon,mane’h ka gigir, Sip maneh jeung urang!

Ujang: Eh siahh urang sorangan atuh.?? Mane’h mah sok teu bale’g ah.

Kumaha lamun papangih jeung garong? Kudu kumaha kuring?? Juhro: pan tadi ceuk mane’h urang kerekeb geningan? Ujang: Heuuhh maksud te’h urang kerekebna ku 3an! Hansip: Geus.geus. Hayu urang babarengan we’h supaya alus jeung babari ne’wak garong na! Di lain tempat.

Sanip: Geus pamenangan mah hayu kabur! Ajen: Alah..???Meunang naon ari mane’h??parabot dapur wungkul??? Sanip: Cik ari mane’h kudu bersukur, meureun rejekina ngan sakieu. Geus tong loba omong! Ajen: ieu jagong moal dibawa?? Sanip: Jagong na urang mah hayang nu ngora, ieu mah naon kieu tina luarna ge’ geus kolot Aje’n: Sok pese’k heula atuh! Ragap ku mane’h!

Sanip: Ari ieu buluan, berarti geus kolot atuh??? Aje’n: Ahhh sia mah disaruakeun jeung jelema wae’ sagala te’h! Saba’da kitu, Aje’n jeung Sanip kaluar ti Imah,terus lumpat ting ngaberetek alabatan jelema nu di udag bagong, lumpat tikukurusuk! Ujang: “Itu naon nu ngurusuk???”ucap lalaunan. Juhrooo..Siippp..kadieuu,hayu urang tempo!!!

Jang

(ngagero babaturana nu papisah). Juhro: Hayu atuh urang tempo Hansip: Buru berik ku marane’h, kuring ngomando tidieu (bari tetege’h) Si Ujang jeung Juhro tuluy merik, sihore’ng nu nyurigakeun te’h, bener garong. Naruto shippuden the movie sub indo streaming. Tuluy ngagorowok ka si Hansip da geus kapanggih. Ujang: Sipp.. Buru kadieu, Garong geus beunang yeuh!!! Hansip: ke’heula kuring kadinya. Teu lila, Hansip geus di TKP, tuluy nanya ka Juhro jeung Ujang.